Judul :
Buron
Pangarang :
Aam Amilia
Penerbit :
Pustaka Amaldi
Palaku : 1. Umi Sumirah
2. Andika
3. Asmara
4. Ceu Cicih
Latar :
- Tempat : Imah Andika
Imah Ceu Cicih
Imah Mang Sumarna
Kampung P
Kantor Majalah Wanoja
Kantor Koran Katumbiri
- Waktu : Peuting
Beurang
Jumlah
Kaca :
159
Amanat : -
Ulah sieun dina nyanghareupan masalah
kahirupan.
- Kudu nyaah ka sasama.
Sinopsis :
Aya hiji awèwè ngaranna Umi. Umi tèh boga salaki ngaranna
Andika. Andika resep pisan nulis. Tulisanna mindeng dikirimkeun ka majalah
atawa koran. Andika digawè di hiji toko buku anu sihorèng teh gudang obat
terlarang. Barang nyaho èta toko tèh gudang obat terlarang, Andika eureun digawè.
Andika ditèangan ku jelema nu boga toko buku. Bakat ku sieun, Andika ngajak Umi
kabur ka Imah Mang Sumarna.
Di imah Mang Sumarna, Andika nyieun loba karangan.
Karangan èta di kirimkeun ku Umi makè ngaran Umi sabab Andika teu wani makè
ngaran manèhna. Karangan èta di kirimkeun ka kantor majalah jeung koran di Kota
B.
Ti saprak èta Umi jadi terkenal sabab èta karangan tèh
loba nu resep. Umi sok diudag ku wartawan. Tapi Umi jadi sieun ku wartawan sabab
loba ditanya masalah nu teu bisa dijawab ku Umi. Ditambah ku datangna kabar yen
di kampungna Umi aya gunung bitu.
Umi nèangan Andika ka mamana. Tapi teu kapanggih. Umi
papisah lila jeung Andika. Ti dinya, Umi cicing di hiji imah. Nu boga imah geus
lila indit sabab nèang kulawargana nu katimpa musibah gunung bitu. Warga di
sakitar imah èta nyangka Umi tèh nugèlo sabab ningali kaayaan Umi nu balangsak.
Ahirna Umi panggih jeung Asmara . Asmara
tèh nyaèta babaturan Umi di Kantor Majalah Wanoja. Asmara
mawa surat ti
Andika. Teu lila Umi langsung mènta dianteurkeun ka tempat Andika sabab geus
sono pisan.
No comments:
Post a Comment